Petingan

SARÉWU INDUNG

Kénging ÉboĂ©d
Dipidangkeun dina lapak 28 Juni 2016 22:56:21

Purnama kari sabeulah. Nyésakeun cahaya nu teu pati ngempur. Guluburna surem. Sasurem haté hiji jajaka nu keur anteng menekung di juru masigit. Husu, ngitung léngkah nu geus kalarung. Keclak cimata maseuhan saamparan sajadah. Nyeungceurikan dirina. Nyeungceurikan tapak-tapak nu geus kasorang. Disaksian ku tiis jeung simpéna peuting.Maju ka janari. Mingkin husu. Kalan-kalan buuk panjangna ririaban, katebak hiliwirna angin nu moncor tina sesela jandéla masigit nu méléngé. Haténa jumerit, nyanyambat nu miboga dirina. Karumasa nyangkaruk jeroeun dada. Aya nu nyérését, nurihan léngkob haténa.Dumadakan. Séor...! Sora angin ngabintih. Ti langit, cahaya putih ngabarasat nojo masigit. Ngabulen. Ngagulung. Ngabetot nu keur husu mumbul ka langit. Manéhna kumalayang di antara méga-méga. Mingkin luhur, mingkin luhur, mingkin luhur.Di langit ping pitu. Manéhna nyakséni saréwu bulan, cahayana moncorong tapi linduh. Dina unggal bulan, aya pameunteu indungna nu salila ieu teu weléh dipikabogoh.


Petingan

SAPU JAGAT

Kénging ZĂ©v MyZoul
Dipidangkeun dina lapak 26 Oktober 2015 22:46:08

Langit tobros ku du'ana nu ngaruhit. Peledug, kaduruk. Laju marékplékan jadi yutaan kembang seuneu. Pating-belesur. Ngajalalegur, niban lemah. Neunggar imah. Nembrag kasur. Jagat inggeung.
Nu boga du'a kareureuwasan. Caméot kasedekkeun ku nu pating-polotot.
''Gara-gara siaaa!'' ceuk nu bentik curuk.
''Teu suka ku aing dunya dirurujit?'' sengor nu teu maké kolor.
''Pan kami nu nyusuan dunya téh, Deuleu!'' nu teu maké kutang milu keuheul.
''Bedokeun tah du'a téh siah!''
Éar, galĂ©cok ti jelema-jelema nu geus kabeuleum jadi areng. Harangit.
''Gustiii, Nu Maha Welas tur Maha Asih...,'' gerenyem-gerenyem.
Jagat jempling.
Saban haté ngadaru'a nu sarua. Khusu naker. Ménta kasempetan nu kadua.
Du'a-du'a sareungit naker. Nyambuang. Pating-kalayang. Ngatumbiri. Nambal langit anu semplék. Hawa engap ku du'a nu pasesedek. Silih-dedetkeun.
Beledug! Jagat maksiat bitu. Bersih sapisan. Langit lénglang. Dunya caang.
Nu ngadu'a mimiti, ngagukguk. Sumegruk. Karumasa nyangkaruk na raga ungkluk.***


Petingan

SESEMPLÉKAN

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 26 Oktober 2015 11:37:38

Cika-cika enyay-enyayan tina nétrana,
basa sakolébat kuring paamprok jeung manehna.
Kuring kasengsem. Hampura kuring. Cing tingali kuring, geura artikeun ieu teuteup nétra kuring, kuring kabéngbat ku teuteup anjeun. Haté degdegan mangsa panggih tadi jeung anjeun. Hampura kuring. Harepan mimiti mesat ngawang deui. Kuring hayang ngaranggem sulintang. Hiukna angin lalaunan ngahiji jeung rupaning kelir, ngawangun impian bagja, ngabayangkeun deui imah katumbirian.
Duuuh... Haté téh geuning dlaif. Hampura kuring. Ieu haté asa lain milik kuring deui. Kuring mitresna anjeun, rasa diri hayang jadi milik anjeun.
"Umaaah...!"
"Dalem, Abah!"
"Nuju naooon?"
"Nuju ngaduruk runtah, Bah."
Lung kertas ungkara rasa na aksara meunang ngotrét kana ruhak. Sakotépat béak, laju jadi silalatu. Keun teu kudu ditulis, da rék dikirim kamana?


Petingan

KRD LASTEU

Kénging Agus R Munggaran
Dipidangkeun dina lapak 26 Oktober 2015 08:14:36

Teu kahalangan ku umur, mangsana katresna ngancik deui mah alam dunya asa béngras. Sumanget ngagedur deui!
Nganjang, tangtuna gĂ© bĂ©da jeung jaman keur ngora baheula. Ngobrol teu pati jongjon da bari dirĂ©wong ku renghik budakna nu bungsu atawa kaselang ku Si Cikal nu laporan itu ieu di sakolana. Teu ieuh asa kaganggu! Nganjang lain ukur rĂ©k sosonoan jeung manĂ©hna. Buleud niatna gĂ© rĂ©k mikanyaah ‘berikut pakĂ©tnyah’.
Kasono kapegat ku samporétna waktu, KRD nu lasteu jurusan Cicaléngka moal lila deui liwat. Sanggeus pamitan gura-giru muru setatsion, tumaninah ari geus peuting kieu mah dina karéta téh.
Anjog ka setatsion Rancaékék, jrut turun laju muru tempat parkir.
KarĂ©k gĂ© rĂ©k nyetater belentrang sora nada panggil bbm disada, panasaran dibaca “Lis, urang mah rajeun tĂ©h aya nu ngapĂ©lan datangna numpak KRD. Asa teu purun lah!” Ngahuleng! Ti manĂ©hna, kawasna mah salah kirim.
“Are you lonesome to night
” Galindengna Anne Muray minuhan rohangan mobil.


Petingan

DEWI SRI

Kénging Roy Asmarandana
Dipidangkeun dina lapak 25 Oktober 2015 21:15:17

"... Béas raskin tos tiasa dicandak. Ka nu tos gaduh kupon, langsung waé ka bumi Pa RW...," nongtoréng na toa masjid.
Brul nu tos biasa meunang jatah, nyokot hancengan séwang-séwangan.

Srék.. Srék, Ceu Eha napikeun béas semu geuneuk jeung loba kutuan di lawang dapur. Anteng milihan sérah ku leungeun katuhu, nu kéncana nunjal nyiru.
"Deudeuh teuing, Ceu!" Halimpu, sora hareupeun.
"Muhun, Neng!" Ngagebeg. Saha nu datang?
"Gentosan ku nu ieu, nya!" Nu geulis ngasongkeun kérésék, eusi béas.
Teu ngawalon. Satengah teu sadar, eusi nyiru di kana bobokokeun. Song, barter. Can gé kumpul pangacian. Léos, nu geulis dikabaya bodas ngiles.

Pasosoré di balé désa geus simpé, kari Ki Ulis keur ngaréngsékeun laporan.
Kulutrak bray.
"Sampurasun...!" Halimpu, sora ti lawang.
"Ram... Rampés...!" Ulis kagét, "Aya kaperyogian naon, Neng?" Neuteup nu dikabaya bodas.
"Iyeu badé nyanggakeun béas." Ngasongkeun boboko, "Cik cobian ku salira. Kumaha rasana sangu tina béas hapeuk geuneuk tur kutuan?" Sorot socana silalatuan.

Fikmin Anyar

LUNGSÉ SAGALANA

Kénging Deni Setiawan
Dipidangkeun dina lapak 26 Fébruari 2018 09:42:09

Harita teu ngagugu pisan boh kanu jadi kolot, ogé babaturan basa kuring keur jaya sagala nyampak.
Mobil loba, imah gedong, pabrik weweg, malahan pagawe sartia.
Dasar kudu kieu lalakon hirup, peurih...nyeri...haté asa rangsak, pikiran kumalayang teu puguh titincakan.
Pamajikan papisah, budak kabeh di barawa.
Hirup keur jaya royal teuing, maksud hayang ka tanggar kunu jadi batur, batur eta sok sakapeung di pake curhat.
Meusmeus mun mawa awewe gareulis sok di bawa ka imah manehanana nu jadi tempat curhat.
Manehna kungsi sakali nyarita jeung mamagahan ka kuring, tapi kuring asa leuwih kolot ti maneh na nya teu asup palebah mamagahan ulah kikituan, karunya katurunan.
Kari kari ayeuna sanggeus bangrut manehna nu ngampihan kuring.
Tiap sholat meusmeus ceurik jeung ceurik.
Inget ka indung bapak jeung kulawarga.
Harta nu sakitu lobana, kari baju 2 potong jeung sendal nu pas pegat di pake lempang ka imah nu ngampihan kuring.
Kieu gening teu bisa mawa dunya teh, ras inget ka mitoha...mun nganjang ka lembur mitoha sok nyewa di hotel, teu pisan ngahargaan saeutik2 acan...
Kuring ka manehna na, era...sieun hate mun sono hayang nepungan budak jeung indung na.
Gustiiii.... hampura...kuring.

BRONDONG JEUNG GADUN

Kénging Edwin Aqomadin
Dipidangkeun dina lapak 26 Fébruari 2018 09:33:42

Ègi ngèndong di tempat Putri. Duanana keur dadapangan. Curhat papasangan sèwang-sèwang.
"Geus putuskeun brondong nu ukur nèdèng mah!" ceuk Putri ka Ègi nu jongjon ningalian poto jeung Said dina hènponna. "Mani ngeunah waè ngadon numpang hirup. Motor kari makè. Kontrakan boraah mikiran. Nggak, dèh!"
Parasaan Ègi ka Said geus lain deui bogoh, tapi karunya. Ku bèlana. Saban peuting Said teu nolihkeun tunduh atawa tiris mapagkeun. Lebah manèhna tèpar, kapan sakitu haatna ngurus. Mayangna. Ngaganti pakèan mun lamokot ku utah tug geuwat mawa ka klinik sakirana katutuluyan.
Sabalikna nasib Putri mah. Aya onjoyna batan Ègi. Manèhna dipiara gadun. Pangusaha limbah. Diimahan. Dimobilan. 5 juta narima transper bulanan. Malah, Putri bisa kuriak di lembur. Ngan hanjakal, sanajan hirupna disenangkeun, aya nu disidem teu betus ka sasaha salila ieu, disagèdèngeun tara tangtu datangna tèh, palebah sosonoan, gadunna telenges, Putri kudu welas disiksa dikakaya heula..

ÈDAS

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 26 Fébruari 2018 09:21:22

Èdas pisan. Hudang sarè tèh, ujug-ujug hayang ngoloyong ka dapur. Der, kaprak-keprek, ti mimiti gègèroh wawadahan, nepi ka popolah jangeun mumuluk.
Gorèng pisang jeung cikopi, ditanggeuy ka tengah imah. Nu di kamar kadèngè nguliat, tayohna kahudangkeun ku seungitna aroma cikopi.
"Ayah, hatur tèngkiyu, cikopina!" Gap. Ditiupan. Suruput! Kop, kana pisgor. Udud minangka penutup.
"Ih, Mamah mah kadon kitu. Urang ka huma kabujeng siang!" cèk aing bari ngèlèk boboko, ngajingjing tèko.
"Heueuh hayu!" Tèmbal manèhna, terus manggul pacul.
"Kè kedap, Mah! Mules, karengseban, kitu?"
"Ayah! Rèk mèn èta tèh. Kè ka warung meuli pembalut!"
Aing jeung manèhna silih pelong. Gep, ngarampa palawangan sèwang-sèwangan. Ngagebeg! Mèh rampak ngagorowok, "Gustiii...!"
Aing jeung manèhna birat ka kamar, ngadon salarè deui. Miharep kè hudang sarè, geus patukeur deui. Kana kodrat sèwang-sèwangan.***

KI ADA

Kénging Mamal J
Dipidangkeun dina lapak 26 Fébruari 2018 09:11:55

Jenengan pondok, iteuk kai sobat dalit, tuturkeuneun indung suku. Ngaléngkah rarampa, ngandelkeun ketrok iteuk gaganti nétra.
"Awas, aya nu lolong!" Haté nyeuit. Barudak nyalingray. Nempo ti kaanggangan.
Sakapeung aral. Hayang saha? Salah saha? Dunya poék salawasna. Rupa langit lénglang teu kasawang, peuting baranang béntang teu kabayang.
"Ki Ada, awas Dak, euy..!" Hayang manting nu ngahareureuyan. Teu kaciri.
Ngararampa jalan ngétan. Sora nu paciweuh silih tawar ngadu rega, nincak poé pasar désa. Tingkétéplék laleumpang, tinggerendeng badis éngang. Sora budak ngarenghik, nu keur bacéprot ditumbu ku nu dagang patarik-tarik nawarkeun balantikan. Bangun ramé, gerentesna ngangres.
Wanci lohor lekasan. Pasar rintih, dibenahan jiga sasari. Iteuk ngajak leumpang, mulang ka imah di lembur anggang. Iteuk ngetruk dituturkeun panon batin.
Cimanala, walungan gedé taringgul batu. Can aya sasak keur meuntasan lembur. Langit angkeub, hujan di girang. Iteuk négtog ka unggal batu jajalaneun. Séah cai jeung rungga, dua meter deui gigireun nu leumpang ngararampa tengah walungan.

MELAK RASA

Kénging Sukardi M Noor
Dipidangkeun dina lapak 25 Fébruari 2018 22:05:33

Opat bulan dina kandungan, jabang bayi mimiti dibéré sukma. Diwurukan bacaan-bacaan Al-Qur\'an. Mangréwu dunga dipanjatkeun ka nu Kagungan malar aya dina kasalametan. Gubrag ka dunya diadanan dikomatan. Dikenalkeun sareng asmana Pangéran. Diuningakeun Gusti urang saréréa Kangjeng Nabi anu mulya Muhammad jenenganana.
Ti mangsa leutik diatik dididik. Dipelakkeun mangréwu-réwu tutuwuhan rasa dina haténa. Pikeun bekel hanaang dina mangsa nyorang kahirupanna. Sangkan ngaléngkah henteu salah.
Melakkeun rasa ku asih jeung nyaah. Keur panyébor tutuwuhan rasa jang mangsa nu bakal karasa ku budak jaga.
Teu karasa mapay mangsa, geuning anak geus sawawa. Rasa kamelang tambah ringrang. Kolot mah leutik nyaah ku leutikna, geus gedé nyaah ku gedéna. Kolot moal rék cicing papatah keur anaking. "Kahadé papatah tong dianggap runtah, Jang!" Ceuk kuring. Laju cumarita deui daria. "Geura saged singkahan hama kaceuceub jeung kangéwa. Musnahkeun wereng napsu sarakah, sangkan hirup genah taya masalah."
"Syur nya Pah! Budak têh tos damel" Ceuk kuring pinuh ku rasa kareueus. "Alhamdulillah, nu dipelak ngajadi buah" Pokna.