Rubrik Ayang-Ayang Gung

Cara Nyieun Sangu Pulen Bungbulang

Diserat ku Euis Yuningsih
Dipidangkeun dina lapak 05 Agustus 2016 09:07:53


Bungbulang téh ngaran salah sahiji kacamatan nu aya di wewengkon Kabupatén Garut. Wilayahna kawilang nyingkur; kurang-leuwih 150 km ti puseur kota, jaba jalanna ogé rumpil, kurang-kurangna mah matak picilakaeun. Sok sanajan kitu, Bungbulang miboga kadaharan has nu dipikalandep ku urang dayeuh, di antarana opak. Salian ti éta, Bungbulang ogé katelah ku sangu akeulna nu pepel jeung pulen; komo mun geus ditimbel mah pepelna téh alahbatan ketan. Ceuk paribasa kolot, mun seug dibalédogkeun ka anjing téa mah matak ngaguik.

Hayang jadi kitu téh éstu teu babari, sabab cara nyieun jeung milih bahanna kudu apik. Lamun hayang ngahasilkeun sangu nu pulen, kahiji nu kudu diperhatikeun téh nyaéta bahanna: béas. Ciri béas nu pulen mah siki béasna sok paranjang, tapi rada jeleten leutik, da lamun rada gedé mah sok béar. Rupana deuih kudu nu bodas nyacas jeung nu seungit.

Ari jenis-jenis béas nu masih aya di Bungbulang nu katelah pulen téh di antarana: bitung, cihérang, bornéng, cikur, sélégréng, jalur, bagendit, citarum, IR 64 (setra ramos), sarinem, ségon salak, malati, cégoyot, beureum sintung, dodokan, mojang, pandan wangi, jrrd. Tapi, husus béas pandan wangi mah, najan seungit ogé boga ciri sikina nu baruleud jeung semu rada konéng.

Nu kaduana, nu kudu diperhatikeun téh nyaéta dina waktu jeung cara ngisikan. Ngarah si béas beukah, ngisikanana kudu dua jam saacan diasakan. Lamun ngisikanna didadak, biasana mah sangu nu dihasilkeunana téh sok rada nulang, jaba hésé asak. Jeung deuih dina ngagigihanana ogé kudu rada loba cai. Alusna mah waktu keur ngisikanana téh ngagésahna kudu rada lila, tilu nepi ka opat kali, nepi ka cai isikanana témbong hérang.

Nu katilu, dina waktu nagenkeun béas téh kudu sanggeus sahéng sééngna. Mun cai nu aya dina sééng atawa langseng geus nyéngsréng, buru-buru tagenkeun. Biasana lamun acan sahéng geus ditagenkeun, sanguna sok rada bau haseup, sabab lila teuing di hawuna. Sangkan si béas téréh asak, posisi béas dina aseupan/karinjang mun bisa mah rada dilewokeun ngarah babari asak, tuluy dikekeb ku palastrang, atawa tutup séjén nu matak buni. Satuluyna mah mun béas dicampa geus teuas bari geus euweuh nu muruluk béar, éta tandana geus meujeuhna dikarih atawa digigihan.

Hal séjén nu kudu diperhatikeun téh nyaéta, cai nu rék dipaké dina ngagigihan. Loba henteuna cai bisa mangaruhan kana leuleus atawa heurasna sangu nu dihasilkeun. Patokan cai dina ngarih biasana sok dumasar kana lobana béas. Misalna, lamun tilu léter béas téh caina sok tilu gayung kurang saeutik, atawa aya ogé nu maké ukuran saampar béas gigih sanggeus dirempukeun.

Salila keur ngagigihan ulah mindeng teuing diantepna; kudu mindeng dikurah-karéh nepi ka patimu. Lamun béas nu disanguna béas béar, biasana sok teu pati loba darih jeung sok rada hésé patimu. Sanggeus patimu mah kari diseupanan, ngan kahadé nyeupananana ulah diteueulkeun bisi hésé asak. Sanggeus diseupanan mah kari ditagenkeun deui kana sééng, tuluy dikekeb ku tutup nu teu matak bijil hawa, saperti tina atum atawa séng nepi ka gigih.

Sanggeus sangu asak mah kari diakeul baé. Pamungkas, nu kudu diperhatikeun sangkan sangu pulen téh nyaéta, dina cara ngakeul. Lamun ngakeulna goréng, biasana mah sok jadi cabruy jeung béar. Palebah ngakeulna ogé kudu diukel, bari éta ogé kudu imbang jeung ngahihidan. Lamun ukel hungkul sok matak cabruy jeung babari beueuy; sedeng lamun digeber teuing teu pati diukel mah kalah matak béar. Lian ti kitu ngakeulna téh kudu tepi ka haseupna béak tur sanguna ogé geus pungkal.

Tah, sakitu hal-hal nu kudu diperhatikeun dina cara nyieun sangu akeul nu pulen has Bungbulang téh.

Pamass. 23 Juli 2016

Sisindiran Jeung Ciparakan

Diserat ku Riki Nawawi
Dipidangkeun dina lapak 25 Juli 2016 09:41:31


Masarakat Sunda mah moal bireuk deui ku nu ngaranna sisindiran. Malah ti keur SD mula, ieu karya sastra téh geus diwanohkeun ku guru basa Sundana. Ari harti sisindiran kabéh gé geus pada apal, jadi ieu mah ngan saukur ngingetan. Éta karya sastra téh asalna tina kecap "sindir", anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta: karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.

Wangun sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun puisi (Pangajaran Sastra Sunda,1996:25). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran téh dibagi jadi tilu golongan, nyaéta: rarakitan, paparikan jeung wawangsalan.

Ari kecap Ciparakan mah ngaran hiji désa anu aya di lelewek Kecamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran. Sababaraha waktu ka tukang kungsi nyukcruk ka éta daérah, babarengan jeung mahasiswa lianna ogé dosén Sastra Sunda Unpad. Bawirasa, éta kagiatan anu dingaranan Kuliah Kerja Lapangan (KKL) téh kaasup kana matakuliah prakték anu miboga tujuan pikeun mupu data sabudeureun kasundaan. Cindekna mah, korélasi atawa pakuat-kaitna sisindiran jeung Ciparakan téh nya dina ieu kagiatan.

Désa Ciparakan sacara géografi aya dina ketinggian 360 m ti beungeut laut. Najan ieu daérah asup ka daérah Pangandaran—anu kasohor ku basisirna—Ciparakan sacara tofografi mah asup kana dataran tinggi. Salila opat poé ngayakeun panalungtikan di éta wilayah hawana téh karasa combrék, béda jeung désa lain anu cenah karasana nyongkab.

Saacan nyaritakeun korélasi antara sisindiran jeung Ciparakan, ti anggalna rék nepikeun heula kaayaan tékstur Ciparakan. Anu paling hook di ieu désa—meureun pédah katelahna wewengkon pagunungan—unggal imah téh paanggang jeung imah lianna, ancal-ancalan. Kaayaan kitu téh sumebar di opat dusun lianna, saperti di Dusun Karang Kadawung, Dusun Ciparakan, Bantar Dawa, jeung Sawangan. Kabeneran harita téh kabagéan mondok di Dusun Karang Kadawung. Basa meunang informasi ti Kuwu Ciparakan, cenah, bujeng-bujeng jarambah ka unggal dusun, hayang ningali kantor désana ogé—ti imah anu dicicingan—kudu ngaliwatan heula leuweung geledegan anu jauhna kurang leuwih opat kilométer. Jadi, kacipta bungahna nalika meunang data anu kacida mundelna ti warga Ciparakan, anu anggangna jeung pusat kota kacamatan téh kurang leuwih 14 km!

Waktu mitembeyan panalungtikan, singhoréng warga Ciparakan mah ketelah pisan jago sisindiranana. Ampir unggal warga, hususna warga anu geus tengah tuwuh, kana sisindiran téh geus kawas kana lalab waé. Tinggal nambul, kitu babasaanana mah. Teu nyana atuh, basa harita karék ogé anjog ka imah Kuwu Tawim Safari (Kepala Désa Ciparakan), satutas wawanohan, inyana geus nembrakkeun sajumlah sisindiran. Samalah, inyana nangtang ka mahasiswa jeung dosén pikeun paadu-adu sisindiran. Salian ti dinya, Kuwu Tawim ogé ngajak tetebakan tatarucingan. Ti dinya ogé geus colohok ku poténsi sastrana, komo basa Kuwu Tawim ngajangjian peuting isukna rék ngawangkong deui: inyana janji rék ngabérédélkeun 300 sisindiran anu kacangkem tanpa ningali buku. Peuting isukna pangulem téh dicumponan. Éh, enya wé naon anu ditepikeun Kuwu téh kacumponan.

Munasabah kituna mah, kabeungharan karya sastra di Ciparakan téh dideudeul ku kasenian Ronggéng Gunung. Ari Ronggéng Gunung téh kasenian asli urang Ciparakan. Sajarahna mah jaman baheula, ieu kasenian téh fungsina keur nyacapkeun birahi lalaki. Ceuk Kuwu Tawim, anu dihaminan ku Encéng Kusmana, salah saurang warga Ciparakan, ngaran Ronggéng Gunung téh dicokot tina kalimah "ngarongrong anu nonggéng", anu ilahar dilakukeun ku urang Gunung. Waktu Ronggéngna keur ngawih, si lalaki ngibing. Ibing anu pangalusna boga hak mawa éta Ronggéng sangkan dikawin. Samalah, remen kajadian guntreng adu peureup tina kabiasaan kitu téh. Kabéhdieunakeun mah, fungsi éta kasenian téh robah jadi seni pintonan anu ilahar ditabeuh dina unggal sukuran nikah, sunatan, jrrd.

Dina seuhseuhanana, Ronggéng Gunung anu ngan saukur dideudeul ku tilu waditra: kendang, kenong jeung goong, kaopat nu ngawih, biasana sok ngawihkeun lagu-lagu anu rumpakana téh kabéh sisindiran. Conto judul laguna téh saperti Torondol, Kawungan, Parut, Palérét, jeung réa-réa deui. Ceuk Asép Yusuf Hudayat, MA, salah saurang dosén Sastra Sunda Unpad, nyebutkeun, Universitas Padjadjaran ogé (taunna teu ka data) kungsi nanggap tim kasenian Ronggéng Gunung. Ari tokoh Ronggéng Gunung anu kasohorna téh Bi Raspi. Numutkeun Asép, Bi Raspi salaku juru kawih, geus wenang disebut maéstro Ronggéng Gunung, sabab inyana mah geus bisa nyieun rumpaka lagu anu teu sabagian jalma bisaeun; jeung geus ngalanglang ngawanohkeun ieu kasenian ka jauhna.

Aya hal anu matak hémeng, nyaéta teu unggal juru kawih bisa ngawihkeun lagu-lagu Ronggéng Gunung. Kituna téh pédah dina lagu-laguna aya palanggeran-palanggeran jeung adat ritual husus. Informasi éta téh ti Encéng Kusmana. Ceuk inyana, juru kawih biasana sok mapatkeun jangjawokan jeung asihan. Mantra éta, ceuk Encéng, sangkan sora anu dihaleungkeun ku juru kawih téh kadéngé ngoncrang. Ari baheula mah apanan taya alat “pengeras suara”, jadi keur ngabedaskeun sora téh nya ku mantra. Salian ti dinya, fungsina ritual atawa mapatkeun mantra téh sangkan 'rurungueun' atawa 'dédéngéeun' anu keur ngaribing jeung nu lalajo Ronggéng Gunung. Matakna pikeun Kuwu Tawim, Encéng Kusmana jeung warga lianna, mahér nyieun sisindiran téh balukar tina rumpaka-rumpaka anu dikawihkeun ku juru kawih.

Sabada dititénan hiji-hiji, sisindiran anu jadi rumpaka dina unggal lagu Ronggéng Gunung téh miboga dua fungsi, nyaéta: anu kahiji minangka alat komunikasi sangkan ngaraketkeun mimitran—jadi babari loma; anu kaduana mah nepikeun kereteg haté: kabungah, papatah jeung kahariwang.

Kiwari kumaha “popularitas” ieu kasenian? Tina catetan anu kapupu mah, Ronggéng Gunung téh masih hemar-hemir, da urang Ciparakan hususna ogé geus arang aya nu nanggap. Dina palebah sukuran atawa acara-acara badag ogé geus langka. Ari anu jadi sababna mah euweuh tuturus, aya ku ayana ogé ngan saukur ku pangawakan tim Ronggéng Gunung Bi Raspi. Jadi, cindekna mah, ieu kasenian anu ngandung sastra adiluhung téh kudu terus diruat jeung dipulasara, boh ku lembaga anu boga wewenang atawa ku sakumna anu nyaah kana titilar karuhun. Apanan geus aya paréntahna, salah sahijina anu kaungel dina Perda Provinsi Jawa Barat Nomer 5 Taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah” ngaliwatan Keputusan Gubernur Jawa Barat nomer: 423.5/Kep 674-Disdik/2006. Mugia Ciparakan terus mekar. Cag.
(Dimuat dina Majalah Manglé edisi 2582)

Ngahelas

Diserat ku Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 20 Juli 2016 09:15:33


Teu ngahaja maca koran. Koran wadagna. Mulak-malik kaca ka kaca. Asik ogé! Puguh lumayan heubeul ari mumuluk téh sok ku kokoranan wé, dina internét. Ngahelas basa noong kolom Budaya Khazanah Pikiran Rakyat nu kari sakaca, nu eusina gé ukur tamba baé sigana téh. Teu cara taun 90-an, basa nuju diasuh ku Suyatna Anirun suwargi, eusina mani mundel aya sababaraha kaca.

Ti mimiti tulisan kritik seni, tulisan seni budaya jeung pendidikan, résénsi buku, ogé puisi, samalah cerpén ogé asana mah aya. Atuh nu nulisna ogé rempeg jaman harita mah: ti mimiti pemikir seni, birokrasi seni, praktisi seni, ogé ti rupa-rupa kalangan. Honor tulisanana ogé kasebat mucekil deuih (samalih, sur para senior mah, tiasa kasbon, engké dibayar ku tulisan, cenah). Angot atuh saban medalna téh pada narungguan, da mun teu maca téh geus wé tinggaleun, sabab moal apal kalér lan kidul, kamekaran kasenian jeung kabudayaan, heuseusna jagat seni di Jawa Barat.

Uing nu harita culun kénéh, mun teu sempet meuli koranna téh sok motokopi ka perpustakaan kampus. Mun teu boga duit keur motokopina, nya nungguan perpus sepi. Culang-cileung nungguan pagawéna bongoh, éta kaca Khazanah téh gancang dilupat-lipet nepi ka sagedé dus korék api, terus disakuan. Duh, hapunten Kepala Perpus!

Sababaraha hiji tulisan uing kungsi midang dina éta kolom; kritik pertunjukan, résénsi buku jeung puisi nu dimuat téh. Ngan teu remen, da puguh mumungkaleun jeung tara junun uingah. Ah, lain dulu lain sekarang. Lain lubuk lain ikannya. (babasan téh nyambung teu, nya?) Kiwari tinggal waasna, matak ngahelas mun ku nu kajamanan mah.

Romadhon Pinuh Berkah

Diserat ku Ade Satia
Dipidangkeun dina lapak 13 Juli 2016 13:00:39


Bulan Romadhon téh bulan anu pinuh berkah. Ladang amal nu kacida suburna pikeun umat Islam mah. Nya dina bulan Romadhon sagala upaya pikeun ngahontal karidho ti Alloh SWT dironjatkeun. Loba cara pikeun ngalaksanakeunana, salahsahijina nyaéta méré kabagjaan ka golongan anu diamanatkeun pisan ku Alloh sareng ku Rasulna, nyaéta murangkalih yatim sareng para dhuafa. Hal ieu pisan anu ngadorong Klinik Ibnu Ruman Center (IRC), anu perenahna di jalan Kalijati Raya no 16 Komplék Antapani Bandung ngayakeun acara “CERIA BERSAMA ANAK YATIM DAN DHUAFA”.

Dina acara nu lumangsung dina tanggal 25 Juni 2016, Klinik IRC ngogan 138 urang Murangkalih Yatim sareng kaum Dhuafa ti Kampung Nyalindung, Cikalong Wétan Kabupatén Bandung Barat.

Ti saminggu saacanna, panitia geus saged sasadiaan, ti mimiti balanja tepi ka mungkusan jeung ngarapihkeun barang-barang pikeun dibagikeun. Atuh dina waktuna, Murangkalih Yatim sareng kaum Dhuafa dijemput nganggé 2 beus, panitia mangkat ti Klinik bada subuh, cunduk deui ka klinik jam 8.20 énjing-énjing. Teu wudu geuning, nu diogan téh meni angkaribung sagala diinjing. Pajarkeun téh cenah hoyong karaosan ku Pa Haji.

Rombongan dibagéakeun ku kaseniaan anu kawilang unik, nyaéta Band Saayana Musik Étnik, ti Cililin, anu sawatara waditrana tina bahan-bahan anu teu lumrah pikeun mirig hiji kasenian, saperti kaléng cét, kaléng biscuit, kaléng susu, botol kécap, jeung émbér rupa-rupa ukuran. Band Saayana Musik Étnik ieu hasil kréasi para nonoman nu dipupuhuan ku Kang Erik ( Erha Juna). Rupaning kawihna ti mimiti lagu-lagu Islami, Pop Kreatif tepi ka lagu ti wewengkon kulon, dina prak-prakanana teu aya kakagok, éstuning tapis pisan. Atuh nu ngadéngékeuna bangun anu kabawa ku suasana musik.

Dina sambutan, Pupuhu Klinik, nyatana Kang Ir. H. Nasrul Jatnika, nétélakeun, yén seuhseuhanana, acara ieu dilaksanakeun pikeun nyambungkeun silaturahmi, lain ngan ukur keur di dunya hungkul, tapi parat tug dugi ka akhérat jaga. Dina sambutana ogé, anjeuna nembrakeun kahayang nu jadi cita-citana salami ieu, yén cenah tina hiji klinik nu basajan nu karék bisa narima pasién rata-rata tilu ratus sapoéna, hayang ngarekahan jadi rumah sakit gratis nu gedé, anu bisa narima pasién tepi ka opat réwu dina sapoéna. Cita-cita anu mulya, mugia wé atuh Alloh SWT ngadangukeun sareng ngaijabah kana kahoyong anjeuna. Aamiin…

Dina prungna sakabéh nu diogan ngarasa gumbira, katitén tina pasemon-pasemon aranjeuna anu bérag pinuh kabagjaan. Salasaurang ti kokolot nu diogan nandeskeun, yén arinyana kalintang sugemana nampa panghiap jeung bingkisan, anu keur arinyana mah mangrupakeun hiji panghormatan anu kacida pisan gedéna. Bari carinakdak anjeuna miharep Klinik IRC salawasna aya dina kaberkahan sangkan méré mangfaat pikeun balaréa jeung méré kabagjaan pikeun golongan anu kurang mampuh dina taun-taun nu bakal datang.

Dina acara ieu ogé, Panitia ngulem Pangersa al-Ustadz Darlis Fajar, Pikeun maparin wejangan-wejangan ka anu sarumping. Anjeuna medar tina bag-bagan sangkan hirup didunya senang bari diakhérat kéngéng ridho Alloh SWT. Aya tilu konci utama cenah pikeun ngahontal hal éta téh, nyaéta :

1. Ulah daék ninggalkeun sholat, sabab sholat téh hiji hal nu paling utama, apanan didugikeun paréntahanana ogé teu ngalangkungan Malaikat Jibril sapertos paréntah-paréntah nu liana, tapi langsung didugikeun ku Alloh SWT ka Rosululloh.
2. Kudu daék diajar élmu agama, sabab élmu agama nu bakal nungtun hirup jalma sangkan salamet dunya jeung akhérat.
3. Kudu lapang dada, daék ngahampura kana kasalahan-kasalahan batur, sok sanajan nu nyieun kasalahanana teu ménta dihampura ka urang.

Tah ku tilu perkara éta, urang bakal meunang kasenangan, lain ngan ukur di dunya tapiogé tepi ka jaga di akhérat.
Tepi kana acara puncak, nyaéta ngabagikeun bingkisan ka anu diogan. Mungguh matak ngangres meureun pibasaeunana téh, arinyana dina nampanan bingkisana bari imut dibarung cipanon nu juuh, tanda narimakeun. Aya rasa nu minuhan haté, rasa suka, rasa bagja ningali arinyana anu diamanatkeun ku Alloh bisa ngarasakeun kasugemaanana. Teu karasa cipanon nu haladir ngamalir mapay pipi.

Rérés acara, nyangkaruk harepan anu ngarekah minuhan dada, mugia Alloh SWT ngajantenkeun marurangkalih yatim éta, janten jalmi-jalmi anu saroléh, anu nyekel deleg kana ayat-ayat al-Qur’an, atuh ogé mugia Alloh SWT ngajantenkeun Klinik IRC bisa ngarékahan, lain ukur tetep jadi hiji klinik tapi bisa jadi rumah sakit anu bisa narima pasien leuwih loba batan ayeuna, saperti nu jadi cita-cita pupuhuna. Aamiin.