Rubrik Ayang-Ayang Gung

Sisindiran Jeung Ciparakan

Diserat ku Riki Nawawi
Dipidangkeun dina lapak 25 Juli 2016 09:41:31


Masarakat Sunda mah moal bireuk deui ku nu ngaranna sisindiran. Malah ti keur SD mula, ieu karya sastra téh geus diwanohkeun ku guru basa Sundana. Ari harti sisindiran kabéh gé geus pada apal, jadi ieu mah ngan saukur ngingetan. Éta karya sastra téh asalna tina kecap "sindir", anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta: karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna.

Wangun sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun puisi (Pangajaran Sastra Sunda,1996:25). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran téh dibagi jadi tilu golongan, nyaéta: rarakitan, paparikan jeung wawangsalan.

Ari kecap Ciparakan mah ngaran hiji désa anu aya di lelewek Kecamatan Kalipucang, Kabupatén Pangandaran. Sababaraha waktu ka tukang kungsi nyukcruk ka éta daérah, babarengan jeung mahasiswa lianna ogé dosén Sastra Sunda Unpad. Bawirasa, éta kagiatan anu dingaranan Kuliah Kerja Lapangan (KKL) téh kaasup kana matakuliah prakték anu miboga tujuan pikeun mupu data sabudeureun kasundaan. Cindekna mah, korélasi atawa pakuat-kaitna sisindiran jeung Ciparakan téh nya dina ieu kagiatan.

Désa Ciparakan sacara géografi aya dina ketinggian 360 m ti beungeut laut. Najan ieu daérah asup ka daérah Pangandaran—anu kasohor ku basisirna—Ciparakan sacara tofografi mah asup kana dataran tinggi. Salila opat poé ngayakeun panalungtikan di éta wilayah hawana téh karasa combrék, béda jeung désa lain anu cenah karasana nyongkab.

Saacan nyaritakeun korélasi antara sisindiran jeung Ciparakan, ti anggalna rék nepikeun heula kaayaan tékstur Ciparakan. Anu paling hook di ieu désa—meureun pédah katelahna wewengkon pagunungan—unggal imah téh paanggang jeung imah lianna, ancal-ancalan. Kaayaan kitu téh sumebar di opat dusun lianna, saperti di Dusun Karang Kadawung, Dusun Ciparakan, Bantar Dawa, jeung Sawangan. Kabeneran harita téh kabagéan mondok di Dusun Karang Kadawung. Basa meunang informasi ti Kuwu Ciparakan, cenah, bujeng-bujeng jarambah ka unggal dusun, hayang ningali kantor désana ogé—ti imah anu dicicingan—kudu ngaliwatan heula leuweung geledegan anu jauhna kurang leuwih opat kilométer. Jadi, kacipta bungahna nalika meunang data anu kacida mundelna ti warga Ciparakan, anu anggangna jeung pusat kota kacamatan téh kurang leuwih 14 km!

Waktu mitembeyan panalungtikan, singhoréng warga Ciparakan mah ketelah pisan jago sisindiranana. Ampir unggal warga, hususna warga anu geus tengah tuwuh, kana sisindiran téh geus kawas kana lalab waé. Tinggal nambul, kitu babasaanana mah. Teu nyana atuh, basa harita karék ogé anjog ka imah Kuwu Tawim Safari (Kepala Désa Ciparakan), satutas wawanohan, inyana geus nembrakkeun sajumlah sisindiran. Samalah, inyana nangtang ka mahasiswa jeung dosén pikeun paadu-adu sisindiran. Salian ti dinya, Kuwu Tawim ogé ngajak tetebakan tatarucingan. Ti dinya ogé geus colohok ku poténsi sastrana, komo basa Kuwu Tawim ngajangjian peuting isukna rék ngawangkong deui: inyana janji rék ngabérédélkeun 300 sisindiran anu kacangkem tanpa ningali buku. Peuting isukna pangulem téh dicumponan. Éh, enya wé naon anu ditepikeun Kuwu téh kacumponan.

Munasabah kituna mah, kabeungharan karya sastra di Ciparakan téh dideudeul ku kasenian Ronggéng Gunung. Ari Ronggéng Gunung téh kasenian asli urang Ciparakan. Sajarahna mah jaman baheula, ieu kasenian téh fungsina keur nyacapkeun birahi lalaki. Ceuk Kuwu Tawim, anu dihaminan ku Encéng Kusmana, salah saurang warga Ciparakan, ngaran Ronggéng Gunung téh dicokot tina kalimah "ngarongrong anu nonggéng", anu ilahar dilakukeun ku urang Gunung. Waktu Ronggéngna keur ngawih, si lalaki ngibing. Ibing anu pangalusna boga hak mawa éta Ronggéng sangkan dikawin. Samalah, remen kajadian guntreng adu peureup tina kabiasaan kitu téh. Kabéhdieunakeun mah, fungsi éta kasenian téh robah jadi seni pintonan anu ilahar ditabeuh dina unggal sukuran nikah, sunatan, jrrd.

Dina seuhseuhanana, Ronggéng Gunung anu ngan saukur dideudeul ku tilu waditra: kendang, kenong jeung goong, kaopat nu ngawih, biasana sok ngawihkeun lagu-lagu anu rumpakana téh kabéh sisindiran. Conto judul laguna téh saperti Torondol, Kawungan, Parut, Palérét, jeung réa-réa deui. Ceuk Asép Yusuf Hudayat, MA, salah saurang dosén Sastra Sunda Unpad, nyebutkeun, Universitas Padjadjaran ogé (taunna teu ka data) kungsi nanggap tim kasenian Ronggéng Gunung. Ari tokoh Ronggéng Gunung anu kasohorna téh Bi Raspi. Numutkeun Asép, Bi Raspi salaku juru kawih, geus wenang disebut maéstro Ronggéng Gunung, sabab inyana mah geus bisa nyieun rumpaka lagu anu teu sabagian jalma bisaeun; jeung geus ngalanglang ngawanohkeun ieu kasenian ka jauhna.

Aya hal anu matak hémeng, nyaéta teu unggal juru kawih bisa ngawihkeun lagu-lagu Ronggéng Gunung. Kituna téh pédah dina lagu-laguna aya palanggeran-palanggeran jeung adat ritual husus. Informasi éta téh ti Encéng Kusmana. Ceuk inyana, juru kawih biasana sok mapatkeun jangjawokan jeung asihan. Mantra éta, ceuk Encéng, sangkan sora anu dihaleungkeun ku juru kawih téh kadéngé ngoncrang. Ari baheula mah apanan taya alat “pengeras suara”, jadi keur ngabedaskeun sora téh nya ku mantra. Salian ti dinya, fungsina ritual atawa mapatkeun mantra téh sangkan 'rurungueun' atawa 'dédéngéeun' anu keur ngaribing jeung nu lalajo Ronggéng Gunung. Matakna pikeun Kuwu Tawim, Encéng Kusmana jeung warga lianna, mahér nyieun sisindiran téh balukar tina rumpaka-rumpaka anu dikawihkeun ku juru kawih.

Sabada dititénan hiji-hiji, sisindiran anu jadi rumpaka dina unggal lagu Ronggéng Gunung téh miboga dua fungsi, nyaéta: anu kahiji minangka alat komunikasi sangkan ngaraketkeun mimitran—jadi babari loma; anu kaduana mah nepikeun kereteg haté: kabungah, papatah jeung kahariwang.

Kiwari kumaha “popularitas” ieu kasenian? Tina catetan anu kapupu mah, Ronggéng Gunung téh masih hemar-hemir, da urang Ciparakan hususna ogé geus arang aya nu nanggap. Dina palebah sukuran atawa acara-acara badag ogé geus langka. Ari anu jadi sababna mah euweuh tuturus, aya ku ayana ogé ngan saukur ku pangawakan tim Ronggéng Gunung Bi Raspi. Jadi, cindekna mah, ieu kasenian anu ngandung sastra adiluhung téh kudu terus diruat jeung dipulasara, boh ku lembaga anu boga wewenang atawa ku sakumna anu nyaah kana titilar karuhun. Apanan geus aya paréntahna, salah sahijina anu kaungel dina Perda Provinsi Jawa Barat Nomer 5 Taun 2003 ngeunaan “Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah” ngaliwatan Keputusan Gubernur Jawa Barat nomer: 423.5/Kep 674-Disdik/2006. Mugia Ciparakan terus mekar. Cag.
(Dimuat dina Majalah Manglé edisi 2582)