Rubrik Ayang-Ayang Gung

Cara Nyieun Sangu Pulen Bungbulang

Diserat ku Euis Yuningsih
Dipidangkeun dina lapak 05 Agustus 2016 09:07:53


Bungbulang téh ngaran salah sahiji kacamatan nu aya di wewengkon Kabupatén Garut. Wilayahna kawilang nyingkur; kurang-leuwih 150 km ti puseur kota, jaba jalanna ogé rumpil, kurang-kurangna mah matak picilakaeun. Sok sanajan kitu, Bungbulang miboga kadaharan has nu dipikalandep ku urang dayeuh, di antarana opak. Salian ti éta, Bungbulang ogé katelah ku sangu akeulna nu pepel jeung pulen; komo mun geus ditimbel mah pepelna téh alahbatan ketan. Ceuk paribasa kolot, mun seug dibalédogkeun ka anjing téa mah matak ngaguik.

Hayang jadi kitu téh éstu teu babari, sabab cara nyieun jeung milih bahanna kudu apik. Lamun hayang ngahasilkeun sangu nu pulen, kahiji nu kudu diperhatikeun téh nyaéta bahanna: béas. Ciri béas nu pulen mah siki béasna sok paranjang, tapi rada jeleten leutik, da lamun rada gedé mah sok béar. Rupana deuih kudu nu bodas nyacas jeung nu seungit.

Ari jenis-jenis béas nu masih aya di Bungbulang nu katelah pulen téh di antarana: bitung, cihérang, bornéng, cikur, sélégréng, jalur, bagendit, citarum, IR 64 (setra ramos), sarinem, ségon salak, malati, cégoyot, beureum sintung, dodokan, mojang, pandan wangi, jrrd. Tapi, husus béas pandan wangi mah, najan seungit ogé boga ciri sikina nu baruleud jeung semu rada konéng.

Nu kaduana, nu kudu diperhatikeun téh nyaéta dina waktu jeung cara ngisikan. Ngarah si béas beukah, ngisikanana kudu dua jam saacan diasakan. Lamun ngisikanna didadak, biasana mah sangu nu dihasilkeunana téh sok rada nulang, jaba hésé asak. Jeung deuih dina ngagigihanana ogé kudu rada loba cai. Alusna mah waktu keur ngisikanana téh ngagésahna kudu rada lila, tilu nepi ka opat kali, nepi ka cai isikanana témbong hérang.

Nu katilu, dina waktu nagenkeun béas téh kudu sanggeus sahéng sééngna. Mun cai nu aya dina sééng atawa langseng geus nyéngsréng, buru-buru tagenkeun. Biasana lamun acan sahéng geus ditagenkeun, sanguna sok rada bau haseup, sabab lila teuing di hawuna. Sangkan si béas téréh asak, posisi béas dina aseupan/karinjang mun bisa mah rada dilewokeun ngarah babari asak, tuluy dikekeb ku palastrang, atawa tutup séjén nu matak buni. Satuluyna mah mun béas dicampa geus teuas bari geus euweuh nu muruluk béar, éta tandana geus meujeuhna dikarih atawa digigihan.

Hal séjén nu kudu diperhatikeun téh nyaéta, cai nu rék dipaké dina ngagigihan. Loba henteuna cai bisa mangaruhan kana leuleus atawa heurasna sangu nu dihasilkeun. Patokan cai dina ngarih biasana sok dumasar kana lobana béas. Misalna, lamun tilu léter béas téh caina sok tilu gayung kurang saeutik, atawa aya ogé nu maké ukuran saampar béas gigih sanggeus dirempukeun.

Salila keur ngagigihan ulah mindeng teuing diantepna; kudu mindeng dikurah-karéh nepi ka patimu. Lamun béas nu disanguna béas béar, biasana sok teu pati loba darih jeung sok rada hésé patimu. Sanggeus patimu mah kari diseupanan, ngan kahadé nyeupananana ulah diteueulkeun bisi hésé asak. Sanggeus diseupanan mah kari ditagenkeun deui kana sééng, tuluy dikekeb ku tutup nu teu matak bijil hawa, saperti tina atum atawa séng nepi ka gigih.

Sanggeus sangu asak mah kari diakeul baé. Pamungkas, nu kudu diperhatikeun sangkan sangu pulen téh nyaéta, dina cara ngakeul. Lamun ngakeulna goréng, biasana mah sok jadi cabruy jeung béar. Palebah ngakeulna ogé kudu diukel, bari éta ogé kudu imbang jeung ngahihidan. Lamun ukel hungkul sok matak cabruy jeung babari beueuy; sedeng lamun digeber teuing teu pati diukel mah kalah matak béar. Lian ti kitu ngakeulna téh kudu tepi ka haseupna béak tur sanguna ogé geus pungkal.

Tah, sakitu hal-hal nu kudu diperhatikeun dina cara nyieun sangu akeul nu pulen has Bungbulang téh.

Pamass. 23 Juli 2016