Rubrik Buricak Burinong

Eksprési Egalitér (Serat Waleran Kanggo Yayi Prabu Godi Suwarna)

Diserat ku Bambang Arayana Sambas
Dipidangkeun dina lapak 18 Juli 2016 12:46:01


Kapihatur Ang Resi di Tatar Galuh. Timpah hapunten réh ieu waleran téh kaétang rada leuir. Diantawisna, taya sanés ku karépot hiji kolot pangsiunan nalika kamari mayunan boboran, nu panginten kamaphum kedah boborot uclak-éclok lan gudar-gédor, da moal enya di rorompok teu ngupat-ngupat acan mah. Kasambung deuih kedah mudik ka lembur. Dibélaan pasedek-sedek dina jero beus saanak bojo, bari kedah ngalaman nyorang perjalanan 12 jam - - nu biasana mung paling 3 jam. Macét, cét cét...! Bibilintik hayang mudik, duk-dek hésé usik, macétna teu usik-usik, nasib wong cilik, boro-boro asyik! Namung, kasebat mudik teu weléh diéndah-éndah ogé...marudah, héhéhé...!

Sok asa ngadarégdég ari kénging 'bistélan' ti sastrawan moyan téh. Pangkat kuring nu sanés sastrawan, nu tinangtos bénten 'kasta' sareng salira, kénging kahurmatan nu sakitu agréngna tiasa dipiwanoh ingkang salira nu kakoncara ka janapria. Kagunturan madu kaurugan menyan belang téh sanés bohong! Teu mustahil panginten aya inohong sastra nu jebi bari ngagerentes, "Émangnya siapa eloh," cenah. Atuh, meureun cék pun uing téh, "Émang gué bukan tokoh, tapi dia sobat lekoh. Why not, tokh!"

Aya kukituna tah akademisi nan hébat ti Batawi téh. Siga sanés jalmi pinter baé, nya? Kapan 'éra kesejagatan' téh tos ngajantenkeun 'dunia bagai setelapak tangan'. Atuh, éra digital kalawan téhnologi informasi, saur urang deungeun mah, dunya téh tos ampir leungiteun 'sébéng-sébéng sékésélér', da samadhab papat kiwari tos ngajanggélék janten "big village". Nya panginten, éra médsos atanapi marakayanganana dunya maya téh, bagéan tina globalisasi sareng modérenisasi nu kacida ageung pangaruhna kana kahirupan, kalebet kahirupan dunya seni.

Aéh, kumaha Néng Lalas tos tiasa naon? Piraku atuh ibu rama seniman petingan, tangtos kana 'téng manuk téng anak merak tulaléan'. Sing pinter, ulah jadul nan gapték kawas uwana, kituh! Néng Lalas téh 'anak jaman' sakumaha generasina kiwari, janten asa teu kedah mun hayang jadi penulis kudu méakkeun perangko, atawa kudu ka luar asup redaktur bari mamawa map lecek, da tos lain jamanna! Sumuhun, éta téh tina dongéng jalmi pinter téa, ngeunaan perjoangan para penulis mangsa lawas.

Saéstuna Néng Lalas téh tos payus jadi pituin 'anak digital'. Nya urang ogé salaku kolot jadi milu néwo-néwo kacéprétan ku kasaktén 'ogan lopian' perbawa jaman. Ngan, resikona, sagalana jadi memper-memper 'open chance', nu hartosna: dunya maya méré luang ka sing saha baé pikeun 'beréksprési', kalebet ngamalirkeun minat lan bakat dina widang sastra. Naon lepatna? Batur mah teu kurang teu sing nu mosting gambar teu uni, nu maksudna rék ngaliarkeun taleus ateul. Ieu mah karya sastra nu rék pétot rék béngo, mangrupa kalangenan nu kawilang mulya!

Damang Néng Péking? Sasatna mah ku ingkang carogé, Pun Uing dibebenyéng kedah ngiring jabung kumawantun (kawas kkn) di lapak FBS nu teu kinten pikareueuseunana. Sumuhun, pan diantarana, Pun Uing pisan nu kasinugrahan bisa ngamangpaatkeun dunya maya salaku "medium of change", pikeun ngébréhkeun karesep dina widang tulas-tulis najan basajan-basajan ogé. Da mun baheula mah, beu ambuing pimanaeun teuing bisa susuruduk kumawantun, bari kedah bersaing sareng para jumhur nu tos kamashur sangkan bisa midang dina média citak.

Egalitér. Eta meureun nu jelas mah! Médsos sacara positif geus méré dampak nu nyata pisan, lain kadar sarana "berékspresi", tapi ogé geus jadi sarana édukasi pikeun rupa-rupa hal, hususon dunya sastra. Aya éta ogé kahariwang ti para panguasa "menara gading" mah, nu ngarasa hariwang 'panonpoéna' beuki surup, da kiwari mah kasakténna asa beuki rék cambal, sabab sieun loba nu mapakan kabisana. Meureun éta ogé!

Timpah séwu nuhun ka Yayi Prabu Godi Suwarna nu tos maparin kapercantenan, nu saéstuna teu gampang nyubadananana. Tapi, Pun Uing binarung bagja kacida tos jadi bagéan tina hiji wadah nu deudeuh geugeut simpay silaturahmina, nya di fbs nyirurukna. Hatur nuhun ka kanca-kanca FBS nu tos ngangken kalawan ikhlas soméah pikeun hiji diri nu balilu élmu panemu, bari sanés nyangking kaahlian propési sinebat sastrawan.

Yayi Prabu, punten pangdugikeun ka kanca FBS kabingah temenan, asa dianggap, asa dipasihan kahurmatan, réhna tulisan kuring ngeunaan sawangan fikmin ti hiji jirim nu 'tara mikmin', geuning seueur pisan nu haat ngahargaan. Mung sakitu kamampuhna, tawakup anu kasuhun. Timpah séwu hapunten tina sagala perkawis ti 'kuring sagara kakurang', utamina mah hapunten anu diteda ka para inohong sastra nu tangtos awas kacida kana jijieunan kuring, nu raca ku céda tina padika sastra nu utama. Ngukur ka kujur ku gedé karumasa sanés ahlina, ngan taya lian seja ngiring nyaah tur miroséa kana warisan pakusarakan, malahmandar aya mangpaat pikeun balaréa. Saé sinareng awonna mah sumangga nyanggakeun baé.

Kolbu nu saéstu, nyanggakeun tilam sono ka kumna kadang wargi FBS. Kuring ngarasa bagja kacida jadi baraya para ingkang salira. FBS mangka jaya di buana! Mugia.

Ka Yayi Prabu Godi Suwarna kalih kulawarga, ti Tatar Ukur nyanggakeun rawuh pangdu'a, pamugi ingkang salira sarimbit salamet rahayu waluya. Wilujeng Boboran Siam. Hapunten anu kasuhun.

(Bambang Arayana Sambas)