Rubrik Pangréwong

Karya Pindo Catur

Diserat ku Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 13 April 2016 01:18:55


Kituna mah, boro-boro nginget-nginget karya batur, kana karangan sorangan gé, ari kalah ku lila jeung réa mah, remen poho. Sanajan aya nu nyarita yén téma jeung jejer karangan mah rék sakumaha, tapi teu kurang-kurang pangarang nu malikan deui carita nu geus ditulis méméhna. Prah baé kawasna téh. Atuh dina fikmin gé, mindeng katangén aya jejer nu geus ditulis ku hiji pangarang, ditulis deui nu séjénna, bari cara nuliskeunana teu pati géséh. Nu kieu téh, ku kritikus Duduh Durahman suargi, sok disebut "karya pindo catur".

Beuki réa karya, kamungkinan "pindo catur" téh tambah lega. Malah boa-boa, naon nu ditulis ayeuna saenyana mah kungsi ditulis ku nu séjén. Nu disebut "anyar" téh apan dina enas-enasna mah ukur nginjeum waktu jeung jaman. Éta sigana di antara tangtangan pangarang téh, kumaha sangkan karyana henteu ngeuyeumbeu atawa kitu-kitu kénéh, atawa ukur "pindo catur" tina karangan nu lian. Mun geus nepi kana puncakna, balukarna matak bosen nu maca lantaran teu manggih hal nu béda, ari keur pangarang matak magol lantaran asa geus euweuh tuliskeuneun deui. Iwal hiji meureun, pangarang nu geus teu mikiran ajén.

Fikmin, aya di wewengkon nu butuh ku kréativitas nu aya leuwihna batan génre lianna. Pondok, ukur 150 kecap, bisa anggeus dibaca ku sababaraha menit, jeung ngarangna gé—cék sawatara urang mah—moal lila kawas nulis carpon. Ngan saenyana aya tangtangan nu leuwih rohaka, nyaéta ngajaga sangkan henteu ngeuyeumbeu, atawa kitu-kitu kénéh téa. Mun téma jeung cara ngulincer di dinya kénéh, antukna bakal nepi kana tahap bosen téa. Mangga raraoskeun baé. Tah, keur ngungkulanana, cék sakaol aya sawatara padika.

Kahiji, mikmin mah lain nulis berita. Jadi teu bisa disaruakeun jeung wartawan nu bisa nulis unggal usik. Mikmin mah—atawa nulis karya fiksi séjénna—bakal leuwih teleb mun dibarung ku ngararasakeun sakur kekecapan. Mun sakur kecap dirarasakeun, dijamin biheung aya salah ketik. Contona, urang rék ngararasakeun hiji kalimah dina fikmin nu keur ditulis: "Peuting nu jempling." Asa puitis, nya. Tapi mun dirarasakeun deui, boa réwuan fikmin nu kungsi maké éta kalimah téh, da éta mah ungkara nu lumbrah pisan. Kecap "jempling" bisa diganti ku "simpé, combrék, tiiseun, réhé", jeung papadana. Mun karasana lumbrah kénéh, bisa maké babandingan séjén, atawa ngawangun "gerakan" pikeun nyieuhkeun kecap sipat.

Kadua, maliré kana suasana waktu keur nulis. Watek maksakeun karep yén "poé ieu kudu mikmin" bisa mangaruhan kana ajén. Nulis téh cenah kudu dibarung ku ni’matna, da lain perkara nu dikudukeun bari geus puguh jadwalna. Dahar onaman, rék ni’mat rék henteu, angger cenah kudu unggal poé. Ari nulis mah leuwih hadé eureun heula mun geus ilang kani’matanana, engké kakara teruskeun deui. Keur gagantina, maca. Biasana maca sok méré énergi anyar keur neruskeun deui nulis.

Katilu, ngulik téhnik. Ieu sigana nu rada hésé téh, tapi ieu deuih nu dilakonan ku réréana pangarang moyan. Téhnik ngawengku hal nu kompléks, tur aya kalana ngarempak kailaharan. Upamana, mun urang biasana nulis fikmin maké runtuyan dialog, sakali-kali mah bisa nyobaan nulis teu maké dialog. Mun biasana rénjagan diteundeun di pungkas, naha bisa mun dicobaan diteundeun di awal? Aya deui nu ulin téhnik dina plot—perkara ieu mah, kawasna kedah dibahas husus.

Kaopat, ngariksa ungkara. Kalimah nu "teu pati umum" téh dina karya mah penting. Eusina sarua tapi ditepikeun ku kekecapan nu béda. Tah, lebah dieu mah, urang papada latihan wé. Aya dongéng kawas kieu:

Dudalana jeung Ristanti geus lila papacangan. Béh dieu hubunganana rada rengkeng, pangpangna saprak Dudalana riweuh ku pagawéan. Mimitina mah Ristanti gé ngamalum, ngan lila-lila kesel sorangan. Puncakna Ristanti méré putusan (sigana maké WA, BBM, inboks, jeung sabangsana), eusina: "Geus wé lah nepi ka dieu. Pusing terus-terusan dianggap arca." Dikitukeun mah Dudalana ngoréjat, kawas nu kakara engeuh. Manéhna mikir sangkan teu papanjangan paséa. Dina waktu nu teu sangka-sangka (poé Jumaah pasosoré asana mah), Dudalana néang Ristanti ka kampusna. Dipaksa sina milu, bus ka hiji kafé, diuk di juru pahareup-hareup. Dudalana pesen és jeruk panas, Ristanti pesen és krim (bari angger baeud). Dudalana terus nyaritakeun pangalaman di kantorna, pangpangna nu kira-kira pikalucueun. Upamana, soal aturan anyar ti pingpinan yén sakur komputer unggal poé kudu dielap jeung diberesihan maké koas, ulah aya kekebul najan sakeprul, sangkan éta komputer teu kakeunaan ku virus. Ristanti mimiti renya-renyu, nepi ka antukna mah marahmay sabiasana. Lat poho kana kekecapan "geus wé nepi ka dieu mah". Sajeroning ngobrol, Dudalana gé umat-imut bari haténa mah ngagerentes.