Fikmin Petingan


Petingan

SARÉWU INDUNG

Kénging ÉboĂ©d
Dipidangkeun dina lapak 28 Juni 2016 22:56:21

Purnama kari sabeulah. Nyésakeun cahaya nu teu pati ngempur. Guluburna surem. Sasurem haté hiji jajaka nu keur anteng menekung di juru masigit. Husu, ngitung léngkah nu geus kalarung. Keclak cimata maseuhan saamparan sajadah. Nyeungceurikan dirina. Nyeungceurikan tapak-tapak nu geus kasorang. Disaksian ku tiis jeung simpéna peuting.Maju ka janari. Mingkin husu. Kalan-kalan buuk panjangna ririaban, katebak hiliwirna angin nu moncor tina sesela jandéla masigit nu méléngé. Haténa jumerit, nyanyambat nu miboga dirina. Karumasa nyangkaruk jeroeun dada. Aya nu nyérését, nurihan léngkob haténa.Dumadakan. Séor...! Sora angin ngabintih. Ti langit, cahaya putih ngabarasat nojo masigit. Ngabulen. Ngagulung. Ngabetot nu keur husu mumbul ka langit. Manéhna kumalayang di antara méga-méga. Mingkin luhur, mingkin luhur, mingkin luhur.Di langit ping pitu. Manéhna nyakséni saréwu bulan, cahayana moncorong tapi linduh. Dina unggal bulan, aya pameunteu indungna nu salila ieu teu weléh dipikabogoh.


Petingan

SAPU JAGAT

Kénging ZĂ©v MyZoul
Dipidangkeun dina lapak 26 Oktober 2015 22:46:08

Langit tobros ku du'ana nu ngaruhit. Peledug, kaduruk. Laju marékplékan jadi yutaan kembang seuneu. Pating-belesur. Ngajalalegur, niban lemah. Neunggar imah. Nembrag kasur. Jagat inggeung.
Nu boga du'a kareureuwasan. Caméot kasedekkeun ku nu pating-polotot.
''Gara-gara siaaa!'' ceuk nu bentik curuk.
''Teu suka ku aing dunya dirurujit?'' sengor nu teu maké kolor.
''Pan kami nu nyusuan dunya téh, Deuleu!'' nu teu maké kutang milu keuheul.
''Bedokeun tah du'a téh siah!''
Éar, galĂ©cok ti jelema-jelema nu geus kabeuleum jadi areng. Harangit.
''Gustiii, Nu Maha Welas tur Maha Asih...,'' gerenyem-gerenyem.
Jagat jempling.
Saban haté ngadaru'a nu sarua. Khusu naker. Ménta kasempetan nu kadua.
Du'a-du'a sareungit naker. Nyambuang. Pating-kalayang. Ngatumbiri. Nambal langit anu semplék. Hawa engap ku du'a nu pasesedek. Silih-dedetkeun.
Beledug! Jagat maksiat bitu. Bersih sapisan. Langit lénglang. Dunya caang.
Nu ngadu'a mimiti, ngagukguk. Sumegruk. Karumasa nyangkaruk na raga ungkluk.***


Petingan

SESEMPLÉKAN

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 26 Oktober 2015 11:37:38

Cika-cika enyay-enyayan tina nétrana,
basa sakolébat kuring paamprok jeung manehna.
Kuring kasengsem. Hampura kuring. Cing tingali kuring, geura artikeun ieu teuteup nétra kuring, kuring kabéngbat ku teuteup anjeun. Haté degdegan mangsa panggih tadi jeung anjeun. Hampura kuring. Harepan mimiti mesat ngawang deui. Kuring hayang ngaranggem sulintang. Hiukna angin lalaunan ngahiji jeung rupaning kelir, ngawangun impian bagja, ngabayangkeun deui imah katumbirian.
Duuuh... Haté téh geuning dlaif. Hampura kuring. Ieu haté asa lain milik kuring deui. Kuring mitresna anjeun, rasa diri hayang jadi milik anjeun.
"Umaaah...!"
"Dalem, Abah!"
"Nuju naooon?"
"Nuju ngaduruk runtah, Bah."
Lung kertas ungkara rasa na aksara meunang ngotrét kana ruhak. Sakotépat béak, laju jadi silalatu. Keun teu kudu ditulis, da rék dikirim kamana?


Petingan

KRD LASTEU

Kénging Agus R Munggaran
Dipidangkeun dina lapak 26 Oktober 2015 08:14:36

Teu kahalangan ku umur, mangsana katresna ngancik deui mah alam dunya asa béngras. Sumanget ngagedur deui!
Nganjang, tangtuna gĂ© bĂ©da jeung jaman keur ngora baheula. Ngobrol teu pati jongjon da bari dirĂ©wong ku renghik budakna nu bungsu atawa kaselang ku Si Cikal nu laporan itu ieu di sakolana. Teu ieuh asa kaganggu! Nganjang lain ukur rĂ©k sosonoan jeung manĂ©hna. Buleud niatna gĂ© rĂ©k mikanyaah ‘berikut pakĂ©tnyah’.
Kasono kapegat ku samporétna waktu, KRD nu lasteu jurusan Cicaléngka moal lila deui liwat. Sanggeus pamitan gura-giru muru setatsion, tumaninah ari geus peuting kieu mah dina karéta téh.
Anjog ka setatsion Rancaékék, jrut turun laju muru tempat parkir.
KarĂ©k gĂ© rĂ©k nyetater belentrang sora nada panggil bbm disada, panasaran dibaca “Lis, urang mah rajeun tĂ©h aya nu ngapĂ©lan datangna numpak KRD. Asa teu purun lah!” Ngahuleng! Ti manĂ©hna, kawasna mah salah kirim.
“Are you lonesome to night
” Galindengna Anne Muray minuhan rohangan mobil.


Petingan

DEWI SRI

Kénging Roy Asmarandana
Dipidangkeun dina lapak 25 Oktober 2015 21:15:17

"... Béas raskin tos tiasa dicandak. Ka nu tos gaduh kupon, langsung waé ka bumi Pa RW...," nongtoréng na toa masjid.
Brul nu tos biasa meunang jatah, nyokot hancengan séwang-séwangan.

Srék.. Srék, Ceu Eha napikeun béas semu geuneuk jeung loba kutuan di lawang dapur. Anteng milihan sérah ku leungeun katuhu, nu kéncana nunjal nyiru.
"Deudeuh teuing, Ceu!" Halimpu, sora hareupeun.
"Muhun, Neng!" Ngagebeg. Saha nu datang?
"Gentosan ku nu ieu, nya!" Nu geulis ngasongkeun kérésék, eusi béas.
Teu ngawalon. Satengah teu sadar, eusi nyiru di kana bobokokeun. Song, barter. Can gé kumpul pangacian. Léos, nu geulis dikabaya bodas ngiles.

Pasosoré di balé désa geus simpé, kari Ki Ulis keur ngaréngsékeun laporan.
Kulutrak bray.
"Sampurasun...!" Halimpu, sora ti lawang.
"Ram... Rampés...!" Ulis kagét, "Aya kaperyogian naon, Neng?" Neuteup nu dikabaya bodas.
"Iyeu badé nyanggakeun béas." Ngasongkeun boboko, "Cik cobian ku salira. Kumaha rasana sangu tina béas hapeuk geuneuk tur kutuan?" Sorot socana silalatuan.


Petingan

REUWAS

Kénging Hadiwijaya
Dipidangkeun dina lapak 24 Oktober 2015 12:48:49

Wanci isuk-isuk. Langit medem. Kaayaan sabudeureunna matak hémeng katempona. Tara ti sasari. Teu katénjo jelema nu tatan-tatan rék indit ka tempat pagawéanana. Manuk piit nu biasa euntreup bari tinggarajleng kana suhunan imah. Teuing kunaon, teu katémbong. Dumadakan. Jelema tingberetek lalumpatan. Teu kolot, teu budak. Teu awéwé, teu lalaki. Réang tingjarerit. Kaayaanana matak harénghéng, pikasieuneun. Sakedap nétra. Kapireng aya sora tarompét nu ditiup rosa nakeran. Ngajelengéng kana ceuli-ceuli nu tara daék ngadéngékeun perkara hadé jeung bener. Jelema mingkin réang tingjareritna. Leungeunna narutupan ceulina, nu mimiti merebey kaluar getih kentel. Jelema beuki tingbelecir lalumpatan. Badis anak panah, nu kaluar tina gondéwana sinatria Arjuna. Gunung-gunung patingjelegur, bari ngutahkeun lahar panas. Gedong-gedong sigrong, nu biasa dipaké ujub jeung takaburna jelema, ngadadak raruntuh, digénjlongkeun ku lini badag. Kuring nu nyaksian kajadianana, ukur bisa ngeclakkeun cipanon. Teu sadar, pamajikan nyampeurkeun.
"Pah, nuju nongton pilem naon?" pokna, ngagareuwahkeun.


Petingan

KASATIAAN

Kénging Emalia Ilyas
Dipidangkeun dina lapak 24 Oktober 2015 10:34:05

Bantal geus kacida lépétna jeung bau cimata nu mindeng cipruk. Teu kapoé.Hawa kanalangsa kukurilingan sakulibeng kamar.
Kulutrak panto.
"NĂ©ng...," halon.
Biwir dibenyéng, sangkan imut. Bantal wadah cimata gancang disumputkeun. Malik neuteup nu ngajanteng. Gagah jeung gandang. Dina setélan jas jeung dasi. Nyurup pisan. Hanjakal bet nguyung.
Gentak disampeurkeun. Ka dua pipina diusapan pinuh ku kadeudeuh. Gep, leungeun kuring dicekelan.
"Bolaykeun we nya?" haréwosna. Neueulkeun ramo-ramo kuring kana dadana nu gumuruh.
"Abdi ikhlas, Akang. Rido..., sumangga geura angkat ku pangjajap kanyaah abdi."
"Naha atuh teu kersa nyarengan?"
"Abdi istri nu gaduh kénéh rasa, sanés malaikat nu suci ati. Wayahna...."
"Kajeun teu gaduh turunan tibatan ngaraheutan Enéng," pokna dareuda.
Hayang teuing ngabedahkeun cimata dina dadana. Tapi pan ieu lalakon téh kuring nu ngajurung-jurung. Bari ituna ikhlas jadi nu ka dua.
Ahirna mufakat. Kuring ngeukeuweuk atina, ragana panganténan di peuntaseun carita. Pikeun sirung-sirung ngora karajaan cinta kuring, Manéhna jeung..., Maru!


Petingan

SAJADAH EMA

Kénging ÉboĂ©d
Dipidangkeun dina lapak 23 Oktober 2015 18:51:41

"Tong dipindah-pindah!" Taya nu wantun ngukumaha, ngampar pengkereun pisan paimbaran. "Éta tĂ©h mas kawin ti Apa hidep, mun Ema solat na sajadah Ă©ta asa diimaman ku anjeunna." Bari jeung saleresna, sajadah Ă©ta pisan nu dianggo unggal Ema netepan sanaos tos kaciri semu kucel. Komo saparantos dikantunkeun ku jenatna Apa, can kantos ningal Ema nganggo sajadah nu sanĂ©s. MaskĂ©t. Sakali waktos, sajadah diseuseuh ku si Bibi. Hideng ti dituna mah, pĂ©dah tos lami teu ngambeu cai. Na atuh, si Bibi diseuseulan laklak dasar. NembĂ© ningal Ema nyeuseul sapertos kitu. Si Bibi, ngayekyek. Ngeluk, rumaos lepat.

Ema téh nyaah pisan kana sadaya barang kakantunan Apa. Mung, kana sajadah mah asa aya langkungna. Malihan mah Ema téh kantos sasauran, omat mun Ema nyusul Apa pangrawatankeun. Duh, bagja temen janten sajadah. Dipikameumeut ku Ema nu soléhah.

Kep. Sajadah ditangkeup pageuh. Laju diambung. Sanaos tos lalayu sekar, seungitna henteu leungit. Sup, disimpen na tumpukan lomari pangluhurna. "Mugia Ema sareng Apa diriksa ku Mantenna." Teu karaos aya nu ngeclak tina juru soca.


Petingan

HOYONG MAMAH

Kénging HarmĂ©nn Syah
Dipidangkeun dina lapak 22 Oktober 2015 08:49:34

Langit lénglang kapentang katiga panjang. Manéhna. Anteng sidéngdang. "Hatur nuhun, Mah!" sura-seuri. Celengok. Sup, amplop disakuan. "Jang! Mihapé imah!" nyeuleungkeung. Jempling. "Jéh, dasar torék!" Koréjat. "Sujang?" ngagorowok. Dirigdig, ka kamerna. "Kamendi, nya?" Sup, ka dapur. Suwung. "Sok tara bébéja ari rék ulin téh!" kutuk-gendeng. Bray. Panto dapur dibuka. Rét ka kénca. Bréh. Anakna keur ngeteyep. Ngarongkong aseupan butut nu nyangsang dina bilik. Serenteng. "Karék gé keur diajar ngendog, siah! Paingan béak!" jol, ngagawawak. Ujang. Ngadérégdég. "Henteu, Pa...," urap-ap-eureup-eup. "Sidik kari hiji! Tuh, deléh!" tipopolotot. Tutunjuk. Ujang bati ngabetem. Luk, tungkul. Teu antaparah. Gampleng! Ditampiling. Cer, getih ngaley tina liang irungna. Kolébat. Hiji gelemeng beungeut beuki ngahudang amarahna. Jekuk! Ditajong nepi ka nolojong. Jedak! Ujang neunggar tihang. Ngajurahroh bari ngahinghing. "Gandéng, Dastam!" Cul, léos. Muru imut nu nyérangkeun di peuntaseun runggunuk rungkun. Ujang. Beuki sumegruk. Teu kendatna sumambat: "Mamaaah..., énggal uiiih...!" elah-elih. Pataréma jeung séahna angin. Gumuruh. Ngagelebug muru sagara kikisik.


Petingan

TUTUGAN IJI

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 22 Oktober 2015 07:58:50

Oplét usah-oséh. Bandung-Garut lir jalan ka Leuweung Ganggong Sima Gonggong. Garong tingdarangong, rampog tingtaragog, bégal tingbedega.

Di hiji tutugan. Jlung-jleng ti gawir pasir, lima jelema nyegat oplét bari ngamang-ngamang bedog hérang, seukeut kacida. Papakéanana sarwa hideung.
"Eureun, siah!" ceuk nu pangpikasieuneunana. Oplét ngerém. Panumpang tingkeleper. Malah aya nu ngompolan manéh sagala. Kabéh geus apal ka nu nyegat.

Salah sahiji panumpangna, Jang Iji, antaré menerkeun peci. Tuluy nyoléndangkeun sarung kana beuheungna. Taya riuk-riuk sieun. Jrut turun. Teureuh Mama Marhamah, babaran pasantrén, nyarita,
"Kang, singhawatos ka jalmi alit."
Jang Iji ditingker. Sebrut lima rampog. Gilek. Bedog ditakis sarung. Belentrang! Tingburinyay, pépétélan seuneu mancawura. Ragot. Hiji-hiji rampog kojor. Bareulah sirahna. Disabet sarung.

Tutugan Iji kari tulisan. Teu hirup deui kawas garong rampog. Sarung Iji, bedil pulisi, laas ajianana. Di unggal tempat getih rahayat ulaweran.


Petingan

ZOMBIE DI CIAWI

Kénging HarmĂ©nn Syah
Dipidangkeun dina lapak 18 Oktober 2015 15:17:04

Malem minggu. Langitna renung sulintang. Tinggurilap kasorot gebur katresna. Cép Harmén. Anteng ngahénén: "Ayang, emam heula, yu!" humaréwos. Néng Ayu. Ngagelenyu. Neueulkeun pinareup nu tetep sieup, najan diseuseup deudeuh nu maceuh. "Aa..!" ngarenghik ogo. Harmén. Surti. Ngolomoh kebek kasono: "Hmmmuah!" Teu lila. Gesat-gesut. Léos. Pagégéyé. Pakaléng-kaléng. Muru motorna di parkiran panginepan. Céklak. Geuleuyeung. Néng Ayu nangkeup geugeut. Ngabelesat. Ditutur kebul birahi ngabura tiisna peuting. Pas lebah réstoran. Motor halon. Bréh, tulisan dina gapura. Tingkaretip: 'Carita Kuring'. Reg. Motor diparkirkeun. Tuluy arasup. Diantara nu keur balakécrakan: "Calikna palih ditu, yu!" Harmén nunjuk ka juru, nu dipasieup sorot lampu nu ngatumbiri. Gék dariuk. Rentang-rentang. Pramusaji. Rancunit matak kataji. Umat-imut. Rengkuh. Song. Ngasongkeun ménu: "Pami nu ieu ménu utama, Pa. Botok Orok, Tumis Janin, Pais Plasenta sareng..!" teu kebat. Ujug-ujug. Reup. lampu dumadak pareum. Rungah-ringeuh. Selengseng. Melenghir. Hanyir getih. Puriding. Duanana silihtangkeup. Ngayekyek. Sabot patinggaloarna orok, awor jeung nu saleuseurian sapangeusi réstoran. Handaruan.


Petingan

AY MIS YUH

Kénging Roy Asmarandana
Dipidangkeun dina lapak 18 Oktober 2015 14:06:30

Anteng dina jok, nyawang harepan jero lamunan. Tiririk, hapé méré tangara. Kusiwel...
"Gud moning, Ndra!" Halimpu sora ti peuntas.
"Wilujeng énjing, Neng!" Cekéng.
"Héy... Nama gué Melati Putri, bukan Neneng."
"Oh... Muhun hilap, Neng... Eh Put!"
"Kemana aja lu, ga liat kuliah?"
"Duh.. Rada répot. Nuju ngempelkeun kanggo UTS."
"Eh.. Bantuin gué bikin laporan, hasil kunjungan industri kemarin. Entar lu traktir baso di kantin. Hihi...!"
"Insya Alloh. Teu janji, nya!"
"Eh... Ada yang kangen ama lu."
Jep, teu diwalon.
"Eu..."
"Ay mis yuh.. Muah..." Mungkas guneman. Ser... Nud aya nu notog kana haté.

"Mas... Narik moal?" Awéwé tengah tuwuh ngagareuwahkeun.
Jrut kuring turun. GĂ©k, Si Ibu diuk di hareup.
Geuleuyeung béca maju, ngajajap pangharepan.


Petingan

SANBAU

Kénging Emha Ubaidillah
Dipidangkeun dina lapak 18 Oktober 2015 05:30:31

1432 M. Lambak-lambak patinggilisir, kaembrat pucuk-pucuk ramo Hyang Chandra nu nyelegon di jomantara. Layar-layar nyorosod lalaunan. Ma Hua nompokeun biwirna, ka nu keur ngalempreh. "Alloh, Alloh Allohu...."
"Kapiten, tilemkeun kuring sailaharna para patani lauk,"
"Teu kedah nyarios kitu, Laksamana." Ma Hua sabalad-balad patingalingsreuk. Nu ngahanju gegerenyeman. Pangalaman ampir saparapat abad ngambah sagara, muka lambaran tetewang kakelar. Ukur tukang balantik leutik di tepiswiring Kunyang. Diiwat para perjurit kakaisaran Ming, jadi kasim asuhan Cheng Li. Ngabdi ka Pangeran Zhu Di. mantuan ngusir owah-owah nagri tug ka Pangeran Zhu Di dileler ngadiukkan korsi kakaisaran.
"Sanbau, anjeun lain kuricakan. Kiwari saampar jeung kami. Nam balayar saba nagri!" Ceuk Pangeran Zhu Di nu bagelar Kaisar Yongle. Nganjrek di kadaton Beiping(Beijing kiwari). Sanbau nyangking wewengkon Nanking laju balayar aprak jagat, amprah sagara, malah kungsi netep opat bulan di basisir Majapait jaman Raja Wirabhumi patelak jeung Wirakmawardhana sarta ngadegkeun masigit basajan di Ujung Galuh, Kungsi nyangkalak bajo gangas Chen Tsu'i di Po Lin Bang(Palembang).
"Laksamana, laksamana...." Ma Hua ngageubig-geubig tapi Sang Sinatria geus dijemput ku Nu Mahaagung. "Kami teu tega, ngurebkeun dunungan di tengah sagara," Ma Hua ngunyem. Wilujeng angkat Laksmana Cheng Ho.


Petingan

REKÉT OTOPÉT

Kénging AsĂ©p Komara
Dipidangkeun dina lapak 17 Oktober 2015 20:35:35

Teu pati ceuyah peuting ieu mah. Rejeki nu ti soré kénéh narampeu hareupeun, dikerid sawaréh ku sora langit nu gegelegeran. Kapeutingnakeun, barudak kalah tingburiak marulang. Sanggeus taranggah nyawang méga nu buburinyayan. Nu disangka rék sabreg-bregeun téh geuning teu cur waé. Hanas nu daragang karukud sarieuneun kahujanan.
Bray, bulan némbongan. Nyalukan lampu-lampu patamanan. Mulas bébéngras lahan pangulinan. Sabot ngéntépan otopét nu pasoléngkrah luhureun amparan beton, budak rudin nu cikénéh téh karérét geus ngajengjen deui gigireun. Masang paroman nu angger pikarunyaeun. Maké jeung ngasong-ngasong lambaran duit duarebuan sagala, nu geus karucel pisan. Teu dipiroséa sotéh tadi soré, da lambaran duitna kurang dua.
"Sakeudeung wé atuh, Mang...," omongna peura. Tamba ngabulasin, song wé otopét dibikeun. Ti pongpok taman, Kardi nu ngurunyung bari nyunyurung roda haben ngalieukan nu keur ngarekét mamapay jalan patamanan. Barang srog ogé Kardi tuluy nyekel pigeulang leungeun pageuh pisan.
“Gun, ari Ă©ntĂ© teu keueung nempo otopĂ©t nu itu geugeuleuyeungan sorangan?”


Petingan

CAU AMBON DIKORANGAN

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 17 Oktober 2015 10:02:20

Peuting purnama. Mangsa diri nganti mubyarna cahaya di buruan. Susuganan mangkak di puseur teuteupan. Rék ngalanglang ngudag kiceupna. Bongan Kasono teu weléh ngadodoho. Hésé dipapalérkeun. Hanjakal, salaksa tumanya teu kungsi kedal. Naha aya naon na hihideungna soca salira. Teuteupna asa béda. Matak nyérédét. Tumungkul. Basa imut salira nembag kana hulu angen. Mulas gambar kasono. "Kanggo abdi?" ngaharéwos. Ukur neuteup seukeut. Matak panas tiris. Hariwang nandonan kamelang. Kahayang mah wakca miheulaan. Ngan karumasa ngahéngkéran ieu diri, nepi ka kiwari can bisa ngajudi, éstuning rikip ngabulen buni. Rék wakca teu kalis kebat. Kaéra sok jiga nu ngahaja megat.
Lingsem. Waktos salira nunjuk béntang guméncrang. Ngarahuh. Basa angin ngaharéwoskeun haliwuna. Geuning diri téh manggih wiwirang cau ambon dikorangan. Ngadadak méga ngabelegbeg mindingan sumiratna. Marudah. Hawar-hawar aya galindeng nu kapireng nyeuitan jemplingna peuting nuturkeun kalangkang nu ngolébat tina méga kana méga marengan ringkang awaking.
Dihariringan dalingding angin nu baris salawasna manjangkeun haréwos.


Petingan

BURAHOL

Kénging Edeng Rosman
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 21:26:02

“Sieet bayonet Sekutu rĂ©k nojos angen kula, nu kieu mah hui, awak nyingcet ka katuhu bari nyintreuk, bayonĂ©t potong tujuh tentarana beulah dalapan, baladna ngabedilan, pĂ©lor disanggap ku sungut, diburakeun deui ka nu ngabaredil, sakali ngabura sakompi musuh maragat nyawa.” ceuk Ki Dira
“Dimana Ă©ta tĂ©h Ki?” ceuk nu ngariung.
“Basa perang Surabaya, mapatkeun parancah kitab genep satria Pajajaran mateni Gajahmada, kula ngudag tĂ©ngwaja kaberik, dĂ©dĂ©ngĂ©an kaganggu sora tingbalentring sihorĂ©ng awak kula keur didĂ©rĂ©dĂ©d teu karasa, tĂ©ngwaja dibalikeun dicokot gilindingna geusan bedog, mariemna didudut dipake ngabedil mobil hideung.”
“Mobil Jendral Malabi pangiten.”
“Perang saminggon teu ereun, awak langlayeuseun, kula kacerek laju ditĂ©mbak mati makĂ© mariem pĂ©lorna sagedĂ© lisung, jelegur! teu teurak, ngan kabawa ngapung ragrag ragrag di Andir.”
“Dupi Aki urang mana?”
“Batara Kala bogoh ka KĂ©n DĂ©dĂ©s, ngaheureuyan patungna, laju reuneuh ngajurukeun kula.” cekna gagaro tonggong pinuh ku hapur.
“Pajuang asli
. lorĂ©ng ka tonggong tonggongna!” ceuk riungan bubar


Petingan

POTO PROPIL

Kénging Roy Asmarandana
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 10:24:30

Haté mah teu kapalingan, resep ka hiji akun pésbuk. Lain ku postinganana nu cetar membahana, atawa loba pulunganeunana, tapi kagémbang ku poto propilna. Tiap ganti propil. Deuh, teu weléh nyokélan kongkolak panon.
Rob, ratusan jempol ngarubung-rubung beungeutna.

Poé kamari poseuna imut, katara latarna alun-alun, hégar naker.
Peuting tadi beungeutna ményon, latarna guha canéom. Jol, isuk-isuk beungeutna marahmay, hérang, latarna keur di Mekah, teuing nu taun iraha.
Klik, di-like saterekebek.

Saminggu ti harita potona teu dirobah, angger nu Ă©ta. Sabulan, tetep.
"Sisinarieun teu diganti-ganti?" ceuk haté. Hémeng.
Anjog ka opat puluh poĂ©, poto propilna kakara robah. ÉbrĂ©h dina cover surat Yassin ngeusian ramo-ramo nu ngadu'a.


Petingan

KEUKEUH ALIM

Kénging HarmĂ©nn Syah
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 09:56:35

"Mangkaning ku gunting!" ceuk Kang Diding. CĂ©p Emod. Ngoyompod. Gok jeung Mang Juhro. "MakĂ© pĂ©so nu karahaan!" pokna. "BarĂ©to gĂ© uing ku bedog!" Si Entod nyĂ©rĂ©ngĂ©h. "Uing gĂ© ku hinis!" Sarkim, mairan. Beuki muringis. "DicekĂ©k makĂ© benang gelasan!" Babaturanna ngĂ©kĂ©ak basa baralik tas langlayangan. ArĂ©ak-Ă©akan. Koloyong. NgabĂ©ngbĂ©os. Ngahinghing. Bapana bingung. DisarĂ©atan mah geus kamana-mendi. Komo anak nu ngan hiji-hijina. "CĂ©p, engkĂ© dipangmĂ©sĂ©rkeun...!" Teu kebat, kapegat sentak. "Embung! Pokona embung!" Lung! PrĂ©k! Beling pabalatak. BupĂ©t, lamari, mĂ©ja, korsi. Nangkarak. Bapana. Pasrah. "Éling, Mod! Éling!" Indungna haliwu, nepakan pipina. Diguyah-guyah. "Astaghfirulloh!" Emod ngusap beungeut. "Bapa kamana, Ma?" Bari cengkat. "Di luar, keur ngobrol jeung Pa Ketib sarĂ©ngrĂ©ngan. Nungguan utusan ti Si EnĂ©ng apan. Siap-siap atuh!" LĂ©os ka luar. CĂ©p Emod. Geus ginding makĂ© stĂ©lan jas. Tapi angger wĂ©, ngaheruk. Nandangan pagaliwotahna rasa. Antara Ă©ra, sieun jeung bungah. Ku calon mitohana. Mama Ajengan HarmĂ©n ti Cikahuripan tĂ©a. Nu geus kawentar. Cenah. Panatikna kabina-bina.


Petingan

NU MINDENG KAPOPOHOKEUN

Kénging Rizky Chandra
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 08:29:15

Basa hujan. Kuring manggih sendal capit, ditalian ku rapia. Kabawa cileuncang. Nyangsang, dina runtah. Dicokot.
“Deudeuh teuing!” Gumerendeng. Lebah keuneungna, jeung handapeun jajaran ramona. Ngaipisan. Hiji deui mah copong sapisan. Nepi ka imah. Dikumbah, tuluy disimpen dina rak sapatu. Isukna, mulang gawĂ©. Nyimpang heula ka tukang pigura. PasosorĂ©, kareungeu nu uluk-salam. Disampeurkeun.
“Leres ieu bumina Kang Dudi?” Lalaki tengah tuwuh, makĂ© dasi jeung jas.
“Muhun, Pa.”
“Bapa badĂš nitip ieu, Ă©ta nu nyaksian ti kawit bapa, janten OB dugi ka ayeuna dipercanten janten wakil DirĂ©ksi.” Ngasongkeun bungkusan. Teu lila manĂ©hna pamitan. Kuring malik nuju ka hiji rohang leutik gigireun imah, nalika manĂšhna asup deui kana jero mobilna. Bungkusan dibuka. Opat pasang sĂ©ndal capit, dijajarkeun. Darekok.
“Aya kĂšnĂ©h,” nempo tempat kosong dina tĂ©mbok, nu ampir pinuh, ku jajaran pigura. Lain lukisan. Musium Sendal Capit, panitipan ti waruga-waruga nu teu mopohokeun lĂšngkah lawasna, sanajan geus kaganti sapatu, atawa panutup dampal lianna.


Petingan

GASTRITIS?

Kénging Dwi Sophia Anggiani
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 08:01:10

Hudang saré, rieut jeung seueul kacida. Teu kuat keuna cai wudhu ogé. Borolo...utah. Cipanon geus nyieun jalur na pipi. Duh, Gusti. Asup angin, meureun. Kamari sapopoé néang bahan proposal.
Popoyongkodan balik deui kana kasur. Golédag. Gap kana hapé. Nelepun, teu diangkat. Bingung.
Nelepun taxi. Biur ka IGD, sorangan.

Dua bulan ti harita, pisaminggueun deui kolokium. Ngajongkéng deui di kampus, keur nguruskeun surat undangan ka dosén penguji.
Dianteur babaturan, digotong asup ka IGD. Rumah sakit nu aya hareupeun kampus. Kapireng riweuhna babaturan nelepun ka salaki.

Kuring dipariksa dokter. Cus, getih minuhan vaccutainer. Cipapang ditampung.
Teu lila. "Wilujeng ya Pa, Bu. Ngandeg, ieu mah." Ceuk dokter.
Kuring papelong-pelong jeung salaki, ngarames ramo lalaunan. "Mamah sing kiat. Mamah pasti séhat," haréwosna. Celengok, disun deudeuh.

Karasa ku kuring, tagiwur haténa. Kumaha cara ngiberan ka Ceuceu, pamajikanana.