Petingan

Dewi Sri

Kénging Roy Asmarandana
Dipidangkeun dina lapak 25 Oktober 2015 21:15:17

"... Béas raskin tos tiasa dicandak. Ka nu tos gaduh kupon, langsung waé ka bumi Pa RW...," nongtoréng na toa masjid.
Brul nu tos biasa meunang jatah, nyokot hancengan séwang-séwangan.

Srék.. Srék, Ceu Eha napikeun béas semu geuneuk jeung loba kutuan di lawang dapur. Anteng milihan sérah ku leungeun katuhu, nu kéncana nunjal nyiru.
"Deudeuh teuing, Ceu!" Halimpu, sora hareupeun.
"Muhun, Neng!" Ngagebeg. Saha nu datang?
"Gentosan ku nu ieu, nya!" Nu geulis ngasongkeun kérésék, eusi béas.
Teu ngawalon. Satengah teu sadar, eusi nyiru di kana bobokokeun. Song, barter. Can gé kumpul pangacian. Léos, nu geulis dikabaya bodas ngiles.

Pasosoré di balé désa geus simpé, kari Ki Ulis keur ngaréngsékeun laporan.
Kulutrak bray.
"Sampurasun...!" Halimpu, sora ti lawang.
"Ram... Rampés...!" Ulis kagét, "Aya kaperyogian naon, Neng?" Neuteup nu dikabaya bodas.
"Iyeu badé nyanggakeun béas." Ngasongkeun boboko, "Cik cobian ku salira. Kumaha rasana sangu tina béas hapeuk geuneuk tur kutuan?" Sorot socana silalatuan.

Sadérék tiasa masihan kamandang kana ieu fikmin. Kantenan, éta kamandang téh bari jadi sumbangan kanggo ngukur kamekaran Fikmin. Teu kedah salempang, jenengan Sadérék baris disamunikeun patali sareng obyéktivitas. Mangga login heula via Facebook sangkan tiasa ngeusian ieu analisis.